Tuyul

Tuyul nyaéta hiji budak leutik anu kira-kira umurna 2-3 taun, kulitna hideung péot jiga kolot, kotor pisan jeung buligir, najan maké papakéan ogé ngan maké calana hungkul.[1] Dina sababaraha daérah di Indonésia pernah diramékeun ku ayana kajadian penampakan tuyul, contona di jalan bambu kuning daérah bekasi timur, atawa di daérah sawojajar Malang dina taun 1992.[1] Biasana saméméh aya isu jurig tuyul, sok dimimitian ku lobana masarakat sakurilingeunana anu ngalaman kaleungitan duit jeung dibarengan ku penampakan tuyul.[2] Lolobana masarakat percaya yén tuyul téh asalna tina roh janin manusa anu maotna teu wajar (biasana aborsi) tuluy dimanfaatkeun ku ngagunakeun ilmu hitam.[1] Biasana ieu jurig bisa katingali ku nu bogana jeung hiji jalma nu ahli supranatural saperti dukun, ajengan jeung sajabana.[1] Cara meunangkeun ieu jurig nyaéta ku ngayakeun kontrak atawa perjanjian antara dukun jeung manusa nu hayang boga tuyul éta.[1] Kontrak dilakukeun ku ngalaksanakeun sababaraha sarat nu geus ditangtukeun ku dukun saperti méré duit atawa méré barang nu tangtu ka éta dukun, méréan sasajén sacara rutin dina ruangan nu tangtu, nyadiakeun tumbal atawa ngalakukeun semédi (tapa) ditempat nu sakral atawa keramat.[1] Tuyul dimanfaatkeun pikeun meunang kabeungharan sacara instan jeung ulah dipigawé sarua jeung munjung ka sétan satuluyna jadi musrik.[1] Salian ti kudu nyadiakeun sasajén dina poé-poé nu tangtu, tuyul ogé kudu disusuan ku awéwé ti anggota kulawarga jalma nu nginguna, najan ieun hal bakal mangaruhan kana kaséhatan jeung ieu jurig bisa diturunkeun atawa diwariskeun ka anak incu nepi ka tujuh turunan.[1]

  1. a b c d e f g h Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy